Jumat, 01 Januari 2016

LAPORAN JURNALISTIK "PUPUT PUSEUR OROK"



LAPORAN JURNALISTIK
"PUPUT PUSEUR OROK"
XI MIA 1 
KELOMPOK 2
DHIKA CANDRA NUGRAHA
MITA MELIANA
NISA ROSYANA
NURUL TRIA MAHARANI
REVI DEWI GUSTIYANI
RIFAN NURGRAHA


SMA NEGERI 1 CIWIDEY

TAUN PANGAJARAN 2014-2015

   
1.        Tujuan
a.         Nitenan kabudayaan sunda jaman baheula.
b.         Nganyahokeun kabudayaan sunda anu aya dilingkungan sekitar.

2.       Waktu Kagiatan
Kagiatan ieu dilaksanakeun salila sapoe, nyaeta kaping 05 April 2015.

3.       Para pamilon
Kagiatan ieu dipiluan ku 6 urang siswa SMA Negeri 1 Ciwidey.

4.       Proses kagiatan
Waktuna mimiti angkat tabuh 14.00 WIB. Para pamilon kumpul di rorompok Revi Dewi Gustiani nyaeta salah sahiji pamilon. Para pamilon nyiapkeun patarosan jang diajukeun ka narasumber nyaeta ngeunaan kabudayaan sunda PUPUT PUSEUR OROK jauh-jauh samemehna. Patarosan anu dijieunna loba pisan, nanging diajukeunna mah anu intina tur saluyu jeung tujuan ngalaksanakeun kagiatan.
Narasuberna teh nyaeta salah sahiji kolot ti pamilon nyaeta anu ngagaduhan wasta Ibu Siti Jubaedah. Wawancara dimimitian ku patarosan ngeunaan biodata narasumber. Dilajeungkeun kana patarosan ngeunaan kagiatan puput puseur. Kaleresan dinten eta oge kulawargi Ibu Siti Jubaedah ngalumngsungkeun kagiatan eta. Salian ti ngawawancara, para pamilon oge ngalakukeun observasi langsung. Janten para pamilon bisa langkung ngartos tur uninga kumaha tata cara sajelentrena eta kagiatan teh.

 5.        Hasil-hasil kagiatan
Puput puseur orok nyaeta kabudayaan sunda buhun anu dilumangsungkeun nalika orok umur samingguan pas puseurna puput. Puseur anu puput eta tuluy diabuskeun kana kanyut kundang ku indung beurang. Puseur eta orok tuluy ditutupan ku logam anu geus meunang dibuntel ku kassa atawa kapas. Tujuanna ngarah puseur orok teu dosol atawa bijil kaluar. Babarengan jeung kagiatan ieu eta orok teh dibere ngaran ku indung bapana. Eusi kagiatan ieu nyaeta salametan jeung disadiakeun oge bubur beurum bubur bodas, anu ngalambangkeun kasaimbangan sikep wanian jeung kasucian, dina kecap sejen nyaeta ngarah orok ngabogaan sikep anu alus.
Ngan hanjakal, kabudayaan ieu geus langka dilumangsungkeun hususna ku urang Sunda sorangan. Lolobana ayeuna mah ngalangsungkeun babaranna teh di rumahsakit anu make teknologi modern, teu cigah ngalumangsungkeun babaran di imah anu dibantu ku paraji.

6.       Saran
Kabudayaan sunda anu rea ieu mangrupa kabanggaan jang urang. Tah, salaku nonoman sunda urang balarea kudu mikanyaho tur ngajaga ieu kagiatan kirangbara ngalakukeunna mah. Kagiatan ieu ulah dijadikeun kabiasaan anu nyaleweng tina ajaran agama. Sabalikna kagiatan ieu urang jadikeun ucapan syukur ka Gusti Allah. Masih rea kabudayaan sunda anu sejen, janten urang salaku nonoman sunda tea ulah nepikeunka mopohokeun .

0 komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...